Juragan Haji Suminta dijemput ku Mang Juhé ka kantorna sabab geus
wanci soré. Saanggeus Juragan Haji Suminta asup kana mobil, tuluy Mang Juhé
ngahurungkeun mobil bari terus ngageuleuyeung muru jalan raya.
Di satengahing jalan Juragan Haji Suminta ngomong ka Mang Juhe,” Juhe,
kumaha geus ngobrol jeung alo didinya téh?”.
“Parantos juragan, namung saurna teh badé ngémutan heula”, jawab Mang
Juhe surti kana naon anu dimaksud ku omongan ti anu jadi juraganna.
“Oh kitu, lain kieu ieu téh, heueuh, ceuk dulur jauh Bapa anu
sakampung jeung si Karna oge jeung Mang Juhé yén si Karna teh boga kabisa kana
komputer cenah mah, kira-kira Mang Juhé apal?” Juragan Haji Suminta nanya deui
bari teu nyebutkeun saha dulurna teh.
“Duh kirang paos Juragan, margi Karna mah teu gaduh komputer”, jawab
Mang Juhé bari neuteupkeun matana kana kaca spion jero mobil ka Juragan Haji
Suminta anu biasana dirina diukna ditukang.
“Enya mun bisa kana komputer mah, ku Bapa rék dititah mantuan Bapa ngagawékeun
pagawéan Bapa”.
“Naha teu aya karyawan kantor nu tiasa kana komputer Juragan?” Mang
Juhé ngajawab bari kerung.
“Aya éta ogé ngan geus boga posisina saperti akuntingna, HRDna”,
tempas Juragan Haji Suminta bari ngalogorkeun kerah jeung dasina.
“Ngan nyakitu téa ningan, kadang maranéhna sok carapéeun sibuk ku
pagawéanna masing-masing. Ari Bapa hayang nu khusus nu mernah wé kitu sok komo
mun jalmana bisa dipercaya”, sambung Juragan Haji Suminta nyebut ka dirina ku
sebutan bapa.
“Pernah éta ogé ngalaman dua kali ngarékrut karyawan nu khusus kitu
bari kuliahan, ari pék nu hiji mah teu sanggupeun da beurat cenah, antukna mah
ngundurkeun diri wéh. Padahal mah saanggeus dipeluruh ternyata manéhna kabisana
kana komputer téh ngan saukur ngetik wungkul bari éta ogé maksakeun pédah wé gaji
anu ditawarkeunna lumayan gedé”, Juragan Haji Suminta nuluykeun omonganna.
“Teras anu hiji deui kumaha Juragan?”, ceuk Mang Juhé jiga nu
panasaran padahal mah ngan saukur nyambungkeun obrolan wé.
“Tah nu hiji deui mah mémang éta karyawan téh boga skill dina
komputerna tapi hanjakal atitudna kurang hadé, sok ulin peuting waé, ngadugem
jeung resep ka awéwé. Kapanggihna teh saanggeus dua bulan gawé di Bapa, manéhna
teu asup gawé alesan gering, padahal harita keur meujeuhna diperlukeun sabab
rék préséntasi jeung klayen ti Singapur. Ngan kabeneran aya karyawan Bapa anu
nempo manéhna peutingna teh aya di diskotik jeung hiji awéwé. Tuluy isuk-isukna
teh manggihan deui manéhna masih kénéh jeung awéwé éta deui kaluar ti losmen.
Teuing geus naon tah si éta jelema teh ari lain zina mah”, nyaritana panjang
lebar Juragan Haji bari bangun anu amek.
“Oo…h kitu nya, lebar kacida nya? Teras éta karyawan Juragan anu
ningali téh sami aya di diskotik?”, ceuk Mang Juhé bari seuri nyéréngéh,
heureuy maksudna mah.
“Ah heunteu pengakuanna mah, da manéhna harita geus lembur dikantor, pas
keur nunguan angkot mergok si jelema éta. Saanggeus kitu, bral wéh karyawan nu
séjén oge nu kabeneran pernah manggihan manéhna boga kalakuan goréng pada nyaritakeun,
bahkan hiji karyawan mah pernah diajakan, tapi nolak. Saanggeus kitu, Bapa
nitah ka HRD, ngontrog ka imahna hayang nyaho gering atawa cageur,” jawab
Juragan Haji Suminta dariya nakeranan.
“Teras kumaha tah saatos diontrog?”, Mang Juhé nanya deui.
“Nya intina mah si jelema éta téh ngaku yén manéhna salah da
ngabohong. Pas HRD ka imahna, kasampak manéhna keur diluar keur manaskeun
motorna bari ngaroko. Nalika HRD ngontrog ogé reuwaseun. Ah teu dililakeun,
dipecat we si jelema éta téh.”
Saterusna éta mobil téh terus maju nuturkeun jalan ka arah imahna
Juragan Haji Suminta.
Urang tunda heula carita Juragan Haji Suminta jeung Mang Juhé.
Si Ujang nu geus balik kuliah, harita geus diimahna bari nunguan
sobatna si Karna. Indungna Ujang geusan méré nyaho yén tadi beurang si Karna
nelepon rék ka imahna. Tuluy si Ujang asup ka jero kamarna, solat Magrib, geus
kitu gogoléran. Waktu geus nuduhkeun tabuh 6 soré.
“Ting tong!”, sora bél imah si Ujang hurung.
“Jaaaang!! Jaaanggg!!” ceuk indungna ngageroan. Si Ujang buru-buru
cengkat sabab geus nyaho yén nu datang téh si Karna.
Ari pék enya wé bener si Karna nu datang téh.
Saperti biasa maranéhna asup ka kamar si Ujang, ngobrol uplek pisan
ngaler ngidul, bari disuguhan cai jeung kuéh wungkul da geus biasa.
Ditengah obrolan si Ujang nanya,”Karna, naha ari énté teu ngaji di
madrasah di Ustad Haji Sobirin?”
Si Karna ngajawab,”Oh heunteu, margi Pa Ustadna oge kaleresan nuju aya
uleman kaluar.”
Biasana mah mun magrib téh si Karna sok rajeun ngiluan pangajian ka
Ustad Haji Sobirin di madrasahna.
Geus kitu si Karna nuluykeun omonganna anu béda topikna, “Jang, abdi teh
ditawisan mantuan di Juragan Haji Suminta, kaleresan Mang Juhé peryogi bantuan,
nya ari disebat damel mah heunteu margi cenah sanés digaji tapi diburuhan hehe”
ceuk Si Karna ngobrolna emang basa lemes campur loma jeung si Ujang téh, malah
kadang sok dicampur jeung basa Indonesia sagala.
“Teras kumaha, énté daék heunteu?”, tempas si Ujang.
“Sigana mah ditampi wé lah, da tadi tos ngobrol sareng Bapa sareng
Mamah ogé tentang hal ieu, tadina Bapa ogé badé ngusahakeun abdi damel di hiji
pabrik, yah … walaupun kedah nganggo pelicin”, jawab si Karna.
“Ceuk sayah mah alus lah, sugan énté bisa bari kuliah ogé, sok komo
damel dipabrik bari kedah ngaluarkeun artos heula mah bari can tangtu ditarima
éta téh”.
“Muhun nyéta kitu. Amin. Mudah-mudahan wé sing aya jalanna”, ceuk si Karna
bari neruskeun omonganna, “tambah wé mudah-mudahan usaha sayah bisa nambah
modal”.
“haha … bener bener,” ceuk si Ujang bari seuri nyakakak, “jeung deuih
nu sayah pernah ngupingkeun mah yén Juragan Haji Suminta mah bageur Na, béréhan
pisan sok komo kanu miskin di kampungna mah.”
“Enya ceuk béja mah kitu éta ogé,” ceuk si Karna ngaaminan si Ujang.
Tuluy si Ujang ngahurungkeun komputerna tanda rék diajar komputer
babarengan jeung si Karna.
Bagian Ka 1 | Bagian Ka 3 |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar