Bagian Ka 1 - Mapag Kabungah

Isuk-isuk si Karna geus getén mapay-mapaykeun camilan makaroni goreng anu dibungkus kana plastik ka warung-warung langganna. Harga jualna harita sabungkusna saratus rupia, babagi wé jeung nu boga warungna sakumaha ilaharna pembagianna. Inditna si Karna make sapédah, maklum jelema leutik jaman harita can usum motor teu cara jaman ayeuna. Warung-warung langgananna  geus kaitung lobana, ti mimiti warung leutik nepi ka warung gedé sabab geus ampir dua taunna usaha leuleutikan ieu ku manéhna dilakonan ngarumasakeun boga kolot lain jelema loba duit. Panghasilanna lumayan jang manéhna tina sabulan bisa meunang pang leutikna lima puluh rébu nepi ka saratus lima puluh rébu mun meujeuhna keur kabeneran payu. Bari éta ogé babagi jeung anu jadi indungna, Ceu Atim, anu rajeun sok ngabantuan si Karna. Bérés mapay-mapaykeun camilanna si Karna biasana sok indit ka sobatna, si Ujang,  lamun keur nyalsé manéhna éta ogé. Si Ujang mangrupakeun sobat si Karna ti keur SMA kénéh. Imah si Ujang jeung si Karna kasebut deukeut kurang leuwih 5 kilometeran. Tapi nasib anu ngabédakeunnana sabab si Ujang mah dituluykeun pendidikanana ka universitas, sedengkeun si Karna mah teu dituluykeun sabab kolotna teu sanggup ngabiayaanna. Malah Kolotna mah nitah néangan gawé, utamana bapana, Mang Sukarsim, anu ngan saukur jadi buruh di pabrik.

Saméméh si Karna indit nepungan si Ujang, biasana manéhna sok nelepon heula ti telepon umum atawa telepon koin -jaman harita nya? Béda jeung jaman ayeuna mah baroga HP. Hehe- sakumaha anu geus biasa dilakukeun ku manéhna basa keur jaman SMA kénéh.

“Halo, Assalamu’alaikum”, ceuk si Karna saanggeus teleponna nyambung.
“Waalaikumsalam, ieu Karna?” ceuk eta nu ngajawab tina teleponna.
Jawab si Karna,“Sumuhun Ibu, dupi Ujangna nuju aya kitu?”.
Nu ngajawab tina telepon teh indungna Ujang anu geus apal kana sora si Ujang sabab geus sering nelepon téa.
“Oh, kaleresan Ujang téh nuju kuliah dugi ka sonten, tapi saurna lamun Karna nelepon piwarang ka bumi wéh engké sonten”.
“Oh, mangga atuh ari kitu mah, hatur nuhun Bu, assalamu’alaikum”, tembal si Karna.
 “waalaikumsalam”, kitu jawab indungna Ujang.
Si Karna langsung ngaboséh sapédah balik deui ka imahna bari ngaleupaskeun kacapé.

Ceu Atim nyampeurkeun si Karna anu keur gogoléran bari maca buku di kamarna, bari pok ngomong, “Karna, tadi aya mang Juhé kadieu, milari Karna saurna téh aya piobroleun”.
“Bade naon nya, Mah?”, ceuk si Karna ka indungna ku sebutan mamah.
“Sok wé engké pendakan heula Mang Juhéna langsung, da ari ku Mamah mah bisi salah jeung teu jelas nerangkeunnana”, Ceuk Ma Atim rada bingung ngajelaskeun obrolan dirina jeung Mang Juhé tadi isuk-isuk. 
“Émangna iraha abdi kedah mendakan si Mamang?” Ceuk si Karna bari panasaran.
“Iraha waé Karna tiasana saurna téh, lamun badé langsung mah ayeuna, ditunguan di bumi juragan Haji, dunungan Mang Juhe”.
 Juragan Haji téh nyaéta Juragan Haji Suminta, hiji jalma anu beunghar sabab boga perusahaan tekstil, cicingna di kampung tatanggana si Karna jeung Mang Juhé. Dirina kasohor di éta kampung margi teu aya deui nu katelahna Juragan Haji iwal ti dirina.
Si Karna langsung gura-giru rék indit ka Juragan Haji Suminta, manéhna tuluy mandi, dibaju, solat, jeung pamit kanu jadi indungna.

“Assalamu’alaikum, Mang!”, si Karna nyauran Mang Juhé nu keur ngelapan mobil Juragan Haji Suminta.
Imah Juragan Haji Suminta sakitu agréngna. Imahna loteng, dihareupna aya taman anu sok biasa diurus ku pembantuna Ma Uneb, anu asri jeung éndah kacida. Mobilna aya 3, anu hiji sok dipaké ka kantorna, anu hiji deui sok dipaké bojona, Ibu Warsih, sedengkeun hiji deui sok dipaké ku anakna, Néng Linda. Garasina gedé jeung lega, oge kasampak aya 2 motor. Anu ceuk pikiran si Karna mah asa jauh langit ka bumi mun dibandingkeun jeung dirina. Sanajan nyobat jeung Ujang anu kaitung jelema boga ogé, tapi heunteu sabeunghar Juragan Haji Suminta. Pantes mun rék ka sohor ogé.
“Ééé…h Karna, waalaikumsalam! Sok kadieu, asup wéh da teu dikonci gerbangna”, tembal Mang Juhé bari manéhna eureun tina ngelapan mobilna mapag anu jadi alona.
Si Karna ngabukakeun gerbang tuluy asup bari ngagigiwing sapédahna.

“Sok hiyap kadieu alo, urang ngobrol, keun we di dieu lah, éra ari kudu asup ka jero mah”, kitu ceuk Mang Juhé.
Mang Juhé mun ngobrol jeung si Karna sok maké basa loma, sakapeung mah sok lemes, jeung sok nyalukan si Karna ku ngaran alo da pedah alona.
“Aya naon Mang? Asa rareuwas kieu”, ceuk si Karna hayang miceun kapanasaran.
“Muhun kieu alo, Emang tadi nepungan Ceu Atim, indung hidep, kabeneranna alo keur euweuh,” Mang Juhe eureun heula bari ngaluarkeun roko tuluy disundut bari ngelepuskeun haseupna. Satuluyna nyaritakeun naon-naon anu penting nyaéta rék ngamaksud nawaran babantu di Juragan Haji Suminta. Sabab Mang Juhé perlu jelema anu ngabantuan dirina.
“Waduh kumaha atuh Mang, pan abdi mah teu tiasa nyupiran mobil bujeng kitu motorna oge teu tiasa,” ceuk si Karna tandes,” sareng naha ieu teh tos diobrolkeun sareng Juragan Haji?”
“Enya atuh geus diobrolkeun sagala rupana ku Emang, malahan dunungan mah atoheun pisan. Sok komo dunungan mah geus apaleun ka alo teh”.
“Ah maenya Mang, apal ti mana?”
“Nyéta Emang oge kagét, sabab didinya mah sok rajin ngaji di madrasah jeung solat di masjid, kitu ceuk juragan Haji”.
Kampung Juragan Haji jeung kampung Karna tatanggaan dina harti Juragan Haji heunteu sakampung jeung Karna tapi Juragan Haji apal ka si Karna sabab aya dulur jauhna di Kampung Karna anu sok nyaritakeun pemuda-pemuda anu balageur termasuk dirina si Karna.
“Masalah nyupiran mobil mah keun wé diatur ku Emang, jeung deui dunungan geus siap ngabiayaan sagala rupana, kursus jeung SIMna kaasup bulanan ogé jang anjeun, Karna, ngaaan meureun moal waka gedé heula teuing sabaraha sabarahana mah, kumaha juragan wéh”, Mang Juhé nyambungkeun caritaanna.
Sajongjongan mah Karna rada ngahuleng heula teu bisa ngabayangkeun bakal kumaha-kumahana sabab anu jadi bapana, Mang Sukarsim, boga rencana rék ngasupkeun manéhna gawé ka Pabrik.
“Kumaha Alo? Daék heunteu?” ceuk Mang Juhe ngahudangkeung hulenganana si Karna.
“Ké atuh Mang, abdi kedah ngobrol heula sareng pun Bapa, margi saur pun Bapa badé ngusahakeun abdi supados damel di pabrik.”
“Enya sok atuh pikiran heula nu asak-asak, syukur-syukur mun bisa narima tawaran Emang,”
“Muhun Mang, atuh ari kitu mah abdi pamit heula badé uih, Assalamu’alaikum”, ceuk si Karna bari cengkat.
Ditempas ku Emangna, “Enya sok, ati-ati dijalan. Waalaikumsalam”, tembal Mang Juhé.
Tuluy Karna cium tangan ka Mang Juhé nandakeun rasa hormat kanu jadi emangna bari tuluy balik kana sapédah.

Bagian Ka 2

Tidak ada komentar:

Posting Komentar