Tabuh 8 isuk-isuk Neng Linda ngahurungkeun mobilna, maksudna mah
manaskeun mobilna. Manehna geus bisa nyetir mobil tapi hanjakalna can boga SIM
sabab can manjing umurna. Neng Linda harita masih kénéh SMA kelas dua. Tapi ari
sakapeung mah mun kapaksa-kapaksa teuing mah, manéhna sok luluasan mawa mobil
sorangan ka sakolana sanajan can boga SIM ogé.
Dina sagédéngeun éta Mang Juhé anu geus siap rek nganteurkeun
dunungannana, keur melenyun ngaroko dibarengan ku cikopi, sabab dununganna di
jero imah kénéh can kaluar.
“Mang Juhé! Cenah badé aya supir baru anu bade nganganteur Ibu sareng
abi, mana ningan tacan aya?”, ngomongna teh bari nyampeurkeun Mang Juhé.
“Saur saha Néng éta téh?”, ceuk Mang Juhé lain ngajawab tapi ngadon
balik nanya. Da rarasaan manéhna mah hal ieu téh masih dirusiahkeun antara
dirina jeung dununganana, sabab can aya kapastian téa tina anu jadi alona, si
Karna. Katambah deui, anu jadi héranna teh naha jadi supir Ibu Warsih jeung
Néng Linda, da ceuk dununganna oge mun si Karna daékkeun, rék jadi supirna. Sok
komo ieu deuih si Karna na can bisa nyupiran, jadi butuh waktu jang diajar
mobilna nepi ka lancarna.
“Éh, teu kedah apal ti saha ti sahana,” kitu ceuk Neng Linda.
“Sumuhun Néng Linda, nuju milari kénéh ieu téh, da sesah ningan milari
supir jujur jaman kiwari teh”, ceuk Mang Juhe néang alesan.
“Sok atuh Mang, éngal milari supados Ibu sareng abi aya nu antar
jemput, janten teu kedah ngangandeul Emang wae”.
“Muhun Néng, insya Alloh saénggalna, tapi naha teu sakola Néng?” Mang
Juhé nanya.
“Heunteu Mang, sakola diliburkeun, aya rapat guru cenah,” Jawab neng
Linda.
Satuluyna Juragan Haji Suminta kaluar ti imah dituturkeun ku Ibu
Warsih, maksudna rek indit ka kantorna dianteur ku Mang Juhé kana mobil.
Juragan Haji Suminta pamit kanu nu jadi bojona, Ibu Warsih, jeung oge teu
kaliwat Neng Linda, budak awéwé hiji-hijina nu dipikanyaah. Setuluyna dijajap
ku Mang Juhé ka kantorna. Sedengkeun Néng Linda jeung indungna asup deui ka
jero imah, saanggeus mobilna réngsé dipanaskeun. Gerbang imah ditutup jeung
dikonci ku Ma Uneb anu ngurus taman.
Kacaturkeun soré harita si Ujang ngajak ulin ka si Karna kana motor,
jalan-jalan ka alun-alun, anu maksudna rék refreshing miceun kabosen ku
kegiatannana séwang-séwangan sabab jadwal kuliah si Ujang ngan nepi ka beurang
poé harita. Di alun-alun loba pisan jelema nu keur balanja ditoko-toko, loba
tukang ali jeung virus, jeung loba anu jualan di sisi jalan. Mobil jeung motor
sing geuleuyeung mapay-mapay jalan, bari sakapeung mah sok di sada klaksonna.
Tuluy si Ujang markirkeun motorna di tempat parkir bari dikonci stang jeung
konci tambahan, maksudna mah supaya leuwih aman, sanajan aya juru parkirna.
Satuluyna si Ujang jeung si Karna, jalan-jalan, ngan saukur mapayan wé wungkul
da ari meuli mah heunteu, da ceuk pikiran duanana ogé, lain tujuan rék balanja.
“Na, urang kadieu, tah urang maén dingdong wéh, apanan tos lami urang
téh tara maén dingdong ti saprak kaluar SMA,” ajak si Ujang ka si Karna bari
metot leungeunna.
“Nya sok atuh, énté heula nu maén, sayah mah rék nongton wungkul,”
ceuk si Karna pédah ti baheula euweuh kabisa kana dingdong téh.
Tuluy si Ujang meuli koinna, rada lumayan loba, meulina harga 1000
rupiaeun. Tuluy si Karna di béré sababaraha koin. Antukna mah duanana maén
dingdong.
Geus réngsé maén dingdong si Ujang jeung si Karna solat Ashar heula di
Masjid Agung, sabab kabeneran geus asup waktu Ashar. Satuluyna maranéhna indit
ka tempat dahar.
“Na, hayu urang ngabaso heula” ceuk si Ujang.
“Ok. Badé di mana?”, tanya si Karna.
“Tuh, palih ditu tuh nu énak mah”, jawab si Ujang bari nunjuk ka
tukang baso kaki lima anu mangkal di alun-alun.
Satuluyna duanana nyampeurkeun tukang baso.
“Mang mie baso dua”, ceuk si Ujang ka tukang baso.
“Manggga, diladaan entong?” Tukang baso nanya.
“Enya mang ladaan we duanana, ngan tong seueur teuing,” ceuk Ujang.
Tukang baso langsung nyiapkeun sagala rupana jang si Ujang jeung si
Karna, ogé jeung nu séjénna anu sarua pesen, dan ningan loba nu ngadahar mie
baso didinya téh cirining rasana ngeunah pisan.
Saanggeus bérés ngabaso, duanana tuluy mayar masing-masing jeung balik
deui ka imahna masing-masing, tangtuna si Ujang nganteur heula si Karna ka
imahna. Geus kitu tuluy si Ujang balik ka imahna ogé.
Bagian Ka 2 | Bagian Ka 4 |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar